Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)
Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)

Kunci Jawaban Tebak Saha Kuring (Falcon App Tasikmalaya)

Download Game Tebak Saha Kuring Google Play!


Kunci Jawaban Tebak Saha Kuring (Falcon App)
Tebak Saha Kuring


1. Kuring sok aya di dapur, kuring dijieun tina taneuh liat atawa semen. Kadang kuring sok disebut gajah depa hambur parab. Saha kuring tah?
Jawaban: Hawu

2. Kuring sok dipake paranti wawadahan. Kadang wadah sangu, oge sok dipake ngisikan. Naon kuring tah?
Jawaban: Boboko

3. Kuring sok cicin dijero seeng. Kadang sook dipake nyangu atawa dipake nyeupan. Naon kuring tah?
Jawaban: Aseupan

4. Kuring sok dibabawa ku jelema nu rek ngarit. Kuring sok dipapanggul, paranti wadah jukut. Naon kuring tah?
Jawaban: Carangka

5. Kuring sok dibabawa ka tempat balanja, saperti ka pasar. Kuring sok dipake paranti wadah balanja. Naon atuh kuring teh?
Jawaban: Rinjing

6. Kuring sabangsa jeung hawu, tapi leuwih leutik. Kuring sok dipake ngaliwet atawa naheur cai. Naon kuring tah.
Jawaban: Anglo

7. Kuring sok reseup dipake nyambel, ngarujak atawa ngalotek. Teu karasa nyeri oge sok sanajan awak kuring ditutuan ku pakakas lainna. Naon atuh kuring teh.
Jawaban: Cowet

8. Awak kuring mah pendek, sok didiukan bari nagog. Naon kuring tah?
Jawaban: Jojodog

9. Kuring kadang sok nongkrong di wc, kadang sok ngarendeng jeung gentong atawa ember. Kuring sok dipake nyiukan cai. Cik naon kuring teh?
Jawaban: Siwur

10. Kuring boga dua liang. Nu hiji gede, nu hiji deui leutik. Liang anu gede keur ngasupkeun, liang anu leutik keur ngaluarkeun. Kuring aya hubungana jeung benda cair. Naon kuring?
Jawaban: Teko

11. Kuring kadang sok dipake tempat nyimpen beas atawa paparabotan. Kadang oge sok dipake tempat ngukus. Ruangan kuring mah leutik. Naon kuring teh.
Jawaban: Goah

12. Saha kuring? Kuring boga pasangan. Kenca jeung katuhu. Sok dipake kaluar, boh ka sakola atawa ka kantor. Kadang kuring boga tali.
Jawaban: Sapatu

13. Naon kuring teh? Kuring sok dipake masak. Sabagian awak kuring sekeut bisa matak raheut.
Jawaban: Peso

14. Naon kuring? Kuring hirup jeung listrik. Bagian handap awak kuring panas. Kuring sok dipake ngarapihkeun baju kusut.
Jawaban: Setrika

15. Saha kuring? Kuring mah panas. Ulah wani-wani nyabak langsung. Kuring bisa ngaleungitkeun hiji hal. Kuring bisa beuki ambeuk lamun aya angin gede.
Jawaban: Seuneu

16. Kuring panjang. Kuring sok ditincakan oge diusapan. Saha atuh kuring teh?
Jawaban: Taraje

17. Kuring beureum, oge hejo, oge biru. Kuring sok sering didatangan ku loba jelema nu keur butuh informasi di Internet. Naon kuring?
Jawaban: Google

18. Kuring mun labuh lalaunan. Tapi mu naek bisa jadi gancang. Naon kuring teh?
Jawaban: Leho

19. Awak kuring beureum bodas nyilang, nangtung luhur, ajeug jeung pageuh. Kuring sok ngadekeutkeun nu jauh oga ngajauhkeun nu deukeut. Naon tah kuring?
Jawaban: Tower

20. Beuheung kuring sok dicekek, awak kuring dieleketek. Tapi kuring bisa ngahibur batur. Naon kuring tah?
Jawaban: Gitar
21. Kuring ti isuk-isuk beurang, sore, peuting, teu eureun-eureun gawe terus muih kukurilingan. Lamun teu kitu kuring kasebut paeh. Naon kuring teh?
Jawaban: Jam

22. Naon kuring? Kuring sok ditakolan. Kuring oge sok nyumput. Tapi anggeur we sirah kuring mah katingali.
Jawaban: Paku

23. Kuring lima sadulur saindung. Tapi euweuh bapaan. Naon kuring?
Jawaban: Ramo

24. Kuring sajenis sasatoan. Lamun disampeurkeun kuring euweuh huluan. Tapi lamun dijauhan, diantepkeun kuring aya huluan. Naon kuring?
Jawaban: Kuya

25. Buuk kuring dibelai, terus baju kuring dibukakeun, terus diraosan. Naon kuring teh?
Jawaban: Jagong

26. Panon kuring loba. Warna kuring hejo. Aya nu resep ka kuring aya nu heunteu. Kuring bau, tapi ceunah nu resep mah da ngeunah. Naon kuring?
Jawaban: Peuteuy

27. Kuring teh hiji hal anu teu bisa ditingali, tapi bisa dirasakeun. Loba batur anu teu resep ka kuring, kaasup anjeun. Tapi kuring siap dipanggil iraha wae lamun aya nu kanyeurian jeung rasa teu ngeunah. Naon kuring?
Jawaban: Gering

28. Kuring hiji hal anu dipake terus dinikmati pas waktu istirahat, biasana sok dipake ti peuting. Naon kuring tah?
Jawaban: Kasur

29. Kuring bisa dahar. Mun kuring warna bodas, kuring sok dimaenkeun perang jeung musuh warna hideung. Anggota kuring jumlahna 16, kaasup kuda dua siki. Naon kuring?
Jawaban: Catur

30. Kuring sok resep diasupkeun. Tapi keukeuh hulu kuring nolol kaluar. Cik naon kuring teh?
Jawaban: Kancing
31. Kuring mun disebut sakali jauh. Tapi mun disebut dua kali jadi deukeut. Naon kuring tah?
Jawaban: Langit

32. Hulu kuring dina hulu. Suku kuring dina hulu. Imah kuring dina hulu. Pokona sakabeh awak kuring aya dina hulu. Naon kuring teh?
Jawaban: Kutu

33. Awak kuring panjang tapi leutik. Hulu kuring kadang aya nu satengah buleud jeung sok dikolomohan da ngeunah ceuk nu resep mah, tur amis. Naon kuring?
Jawaban: Lolipop

34. Kuring aya dina tutuwuhan. Lamun hejo jadi opat huruf, lamun coklat-hideung kuring jadi 7 huruf anu tuluy garing jeung murag. Naon kuring tah?
Jawaban: Kalakay

35. Huntu kuring loba jeung seukeut. Kai jeung besi oge bisa dipotong ku huntu kuring. Eta oge lamun ditarik jeung didorong kuringna. Naon kuring teh?
Jawaban: Ragaji

36. Ceuli kuring aya dua kenca-katuhu. Bujur kuring sok didurukan. Awak kuring bentukna jiga parabola. Kuring sabangsaning pakakas. Naon kuring tah?
Jawaban: Katel

37. Kuring bisa turun tapi teu bisa naek. Ayana kuring manfaat pisan keur sakabeh manusa, tapi bisa oge jadi bencana. Naon kuring tah?
Jawaban: Hujan

38. Bentuk kuring beye. Kuring sok dipasangkeun jeung anu panjang tur buluan. Lamun digosokkeun ngabuciyay bodas. Kuring matak nyehatkeun. Naon kuring tah?
Jawaban: Odol

39. Bentuk kuring leutik pisan anu sabagian tina sesa kai atawa awi. Ceunah kuring teu guna, tapi kuring teh kadang sok dimanfaatkeun keur nyokelan taneh jeung sajabana. Naon kuring tah?
Jawaban: 

(Bersambung)

Postingan Terbaru


Komentar

Rekomendasi